Seni Budaya

Pedaran nyaeta…..(bahasa sunda)

Karangan eksposisi dina bahasa sunda disebut pedaran? Naon anu dimaksud pedaran. Mangga tiasa dibaca dina artikel dihandap ieu.

Pedaran nyaeta mangrupa wacana atawa karangan anu eusina ngajentrekeun hiji objek, kumaha prosesna, tujuanana, jeung naon kagunaanana. Karangan pedaran gede mangpaat na pikeun ngalegaan pangaweruh ngenaan hiji jalma. Eusina pedaran sok ngagambarkeun cara ngalaksanakeun hiji pagawean saperti : ‘Cara nyieun peuyeum sampeu’ jeung sajabana. Aya rupa-rupa teknik nu bisa dipake pikeun ngadamel wacan apedaran : Identifikasi, Babandingan, Ilustrasi,  Klasifikasi, Difinisi, Proses.

Pedaran nyaeta mangrupa wacana atawa karangan anu eusina ngajentrekeun hiji objek, kumaha prosesna, tujuanana, jeung naon kagunaanana. karangan pedaran gede mangpaat na pikeun ngalegaan pangaweruh ngenaan hiji jalma.D ina basa Indonesia, disebut bahasan atawa eksposisi, sakapeung sok disebut oge wacana prosedural, lantaran eusina ngagambarkeun cara ngalaksanakeun hiji pagawean saperti : ‘Cara nyieun dadar endog’ jsb,”. Aya Rupa-rupa tehnik anu bisa dipake dina nyusun wacana eksposisi, diantarana, kucara neangan ciri ciri barang (identifikasi), babandingan, mere gambar (illustrasi), nyieun papasingan (klasifikasi), mere wangenan(definisi), jeung proses.

Pedaran dina basa Indonésia disebut ogé Eksposisi, nyaéta wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana. Salah sahiji conto pedaran nyaéta kasenian daérah. Indonésia téh kaasup negri anu beunghar ku budaya, hususna budaya daérah, saban sélér bangsa, anu nyicingan rébuan pulo di Indonésia, mibanda kabudayaan séwang-séwangan. Naon ari kasenian daérah téh? Tangtu baé, kasenian anu lahir sarta hirup di daérah. Ieu kasenian téh perlu diipuk jeung di mekarkeun lantaran mangrupa salah sahiji kakayaan bangsa. Kasenian daérah anu hirup, dipikawanoh, tur dipikaresep ku sélér bangsa kabéh, sarta anu nyiptakeunana disebut kasenian nasional. Jadi, kasenian daérah téh mangrupa unsur pangwangun kasenian nasional.

Contoh Pedaran Seren Taun. Seren taun maengrupakeun salah sahiji bentuk upacara urang sunda khususna rumpun sunda nu daerahna teu jauh ti pagunungan. Seren taun nyaeta hiji upacara anu mangrupa ngungkapkeun rasa sukur kana hasil panen pepelakan anu geus di pelak nepikeun ka waktuna panen.

Seren taun teh sok dilaksanakeun dina bulan rayagung tina kalender urang sunda nyaeta dina tanggal 22. Seren taun teh sok dirarame ku urang sunda lokal jeung sok aya oge wisatawan. Anu runtuyan acarana lain saukur ritual tapi aya hiburan jeung kasenian.